Showing posts with label band sunda. Show all posts
Showing posts with label band sunda. Show all posts

JAFUNISUN - SONO KA IMAH LYRIC











SONO KA IMAH
Jafunisun

Asa tos lami, kuring teh aya didieu
Asa tos lami, karasa lami papisah
Tos hoyong uih, lami teu balik ka imah
Sanes teu betah, sanes rek tereh papisah

Da kuring sono rek balik ka imah
Sono rek balik ka lembur
Mendakan aki nini, sepuh jeung kulawargi
Rek pendak oge jeung babaturan

Da kuring sono rek balik ka imah
Sono rek balik ka lembur
Ngobor ngurek disawah
Ngarojay di walungan
Liliwetan bari nyarita

Asa tos lami, kuring teh aya didieu
Asa tos lami, kuring teh ngantunkeun lembur
Tos hoyong uih, tos hoyong balik ka imah
Karasa pisan, meuni sok kabayang-bayang

Da kuring sono. Da kuring sono. Da kuring sono
Tos hoyong balik ka lembur
Da kuring sono. Da kuring sono. Da kuring sono
Tos hoyong balik ka imah


-----------------------------------------------------
Band Sunda | Order album: 08561855431 | Booking: 081546995159 (Bandung) 08151632163 (Luar Bandung) | Harga Album Rp.10.000 |

Share: