Kembang Tanjung Panineungan


Anaking Jimat Awaking, Basa Ema Mulung Tanjung Rebun-rebun
Di Pakarangan Nu reumis Keneh, Harita Keur Kakandungan Ku Hidep

Geus Opat Taun Katukang, Ema Nyipta Mulung Bentang
Nu Marurag Peuting Tadi, Benteng Seungit Ditiiran
Pangangguran

Anaking Jimat Awaking, Basa Ema Mulung Tanjung Rebun-rebun
Bet Henteu Sangka Aya Nu Datang, Ti Gunung Rek Ngabejakeun Bapa Hidep

Nu Opat Poe Teu Mulang, Ngepung Gunung Pager Bitis
Cenah Tiwas Peuting Tadi, Layonna Keur Kadieukeun
Dipulangkeun


Harita Waktu Layonna Geus Datang, Ema Ceurik Ieuh … Balilihan
Ras Ka Hidep Ieuh Na Kandungan, Utun Inji Budak Yatim Deudeuh Teuing

Harita Waktu Layon Geus Digotong, Ema Inget Kana Tanjung
Dikalungkeun Na Pasaran, Kembang Asih Panganggeusan Ieuh… Ti duaan

Anaking Jimat Awaking, Lamun Ema Mulung Tanjung Reujeung Hidep
Kasuat-suat na Pipikiran, Tapina Kedalna Teh Kuhariring

Hariring Eling Ku Eling, Kana Tanjung Nu Dipulung Eh …
Kembang Tanjung Nu Nyeungitan Pakarangan, Nu Nyeungitan Hate Urang, Panineungan
donlod lagu na by mangkoko , klik didieu

Share:

2 Comments:

Unknown said...

mun ngadangu lagu ieu abdi sok nyurucud cipanon sok ingeut ka euma basa nuju alit keneh euma seuring nyetel lagu kembang tanjung panineungan

map171615 said...

lamun tiasamah serat sareng terjemah indonesia na